Naskah Wajib & Rumpaka
Kumpulan teks sajak dan lirik (rumpaka) tembang pupuh khusus untuk peserta jenjang SD sesuai dengan Petunjuk Teknis resmi FTBI 2026.
Naskah Lomba Maca Sajak (SD)
Peserta wajib membacakan salah satu sajak di bawah ini.
Seuneu Bandung
Karya: Karna Yudibrata
Saha nu bisa mareuman seuneu
Bandung
geni sakti nu nyebrot ti dapur
Cikapundung
najan laut Kidul
ngolétrak dipaké nyiram?
Seuneu Bandung
Dayang Sumbi gupay pucukna
Tangkuban Parahu jadi suluhna
Sut urang sundut
Nyeungeut obor kamerdékaan
Bray caang lampu néon jutaan watt
Langit ngempray, langit harepan
Seuneu teuneung geni kawani
Ngaléntab sagara keusik
Ngahuru, ngabela-bela
Ngaduruk leuweung-ganggong
langit-ganggong
Asia-Afrika bebas Merdéka !
Seuneu nyebrot ti dapur
Cikapundung
Geni sakti, cahya Ilahi
Hamo bisa dipareuman
Panorama, 19 April 1965
Kahirupan Ma Anah
Karya: Éddo SY
Ma Anah tukang surabi
Saban subuh satia nganti nu meuli
Satuhu usaha ngadago rijki
Ceuk paribasa najan ngan payu sasiki
Ma Anah dagang surabi
Teuing geus ngaliwatan pirang réwu janari
Aya ramé aya sepi
Kauntungan henteu pasti
"Ema gé lin teu hayang jiga batur
Ema yakin rijki mah aya nu ngatur
Ku kituna henteu kudu jadi catur
Gedé leutik Ema tetep ngucap sukur"
Ma Anah tukang surabi
Satia usaha nganti nu meuli
Rék ramé rék sepi
Tetep sumujud ka Gusti.
Ahir April '82
Lembur
Karya: Ny. R.H.
Tangkal buah nu ngajaranteng hareupeun imah
Daunna marotah ulin jeung angin
Ranggeuyan konéng di sawah
Séah ngawurkeun kabungah
Segerna hawa ti gunung
Tingtrimna hirup di lembur
Awor jeung sora tikukur
Nu ngelak 'na pucuk kawung
Tangkal buah hareupeun imah
Kiwari geus robah jadi pipah nu pamaréntah
Nu baréto mangrupa sawah
Ayeuna jadi parik bogana babah
Segerna hawa gunung nu dipigandrung
Geus lawas lunta ninggalkeun kampung
Tingtrim hirup di lembur
Mimiti diranggeum batur
Pangumbaraan, 1976
Meri
Karya: Apip Mustopa
Di alam dunya
Asana moal aya
nu bisa hirup sauyunan
cara meri sabubuhan
Mun nu ngangon nitah ka katuhu
bring ngatuhu
Mun nu ngangon nitah ka kénca
bring ngénca
bari disarada:
Wék! Wék! Wék!
Di alam dunya
Asana moal aya
nu bisa hirup basajan
cara meri saabrulan
Dahar cukup saaya-aya
kumaha nu rék maraban
Mun keur diabur
lolodok di sawah batur
bari disarada:
wék! Wék! Wék!
Oktober 1979
Bulantok Jeung Sulintang
Karya: Inda Nugraha Hidayat
Hayang teuing ngajul bulantok
Hanjakal gantarna pondok
Hayang teuing bisa ngalayang
Rék ka langit mipit sulintang
Bulantok sagédé batok
Rék diwadahan kana mangkok
Sulintang kawas ranginang
Rék diwadahan kana rantang
Bulantok teuing ku montok
Hanjakal aya nu maok
Sulintang duka ku caang
Hanjakal aya nu ngenyang
Garut, 1 Juli 2004
Rumpaka Nembang Pupuh (SD)
Rumpaka (lirik) wajib tembang rancag dan tandak jenjang SD.
1. Pupuh Mijil
Rancag
Aduh gusti Anu Maha Suci
Sim abdi rumaos
Pangna abdi dumugi ka késrék
Réh ka sepuh parantos ngusir
Takabur sareng dir
Téga nundung sepuh
Pédah sepuh hina sareng miskin
Sangsara kokoro
Ku sim abdi dihina ditokér
Moal boa manahna ngerik
Lir digerih hinis
Manahna mo lipur
Gaduh maksad rék babalik pikir
Mung anu didongdon
Weléh lapur teu kapendak baé
Sepuh ngiles henteu kasungsi
Leungit tanpa lebih
Abdi bati bingung
Tandak
Aduh gusti Nu Kawasa
Jisim abdi ageung dosa
Pangna abdi gering nangtung
Réh ka sepuh wantun nundung
Pédah sepuh taya harkat
Kokoro sareng masakat
Ku sim abdi teu diaku
Ditokér sarta disatru
2. Pupuh Gurisa
Rancag
Waktu barudak keur mijah
Arulin semu barungah
Ger hujan gedé pohara
Barudak breng lalumpatan
Ngiuhan ka balé désa
Ngadago raatna hujan
Amir ngomong ka baturna
Keur tamba kesel nungguan
Ngajakan tatarucingan
Baturna pada mupakat
Amir kapeto tiheula
Tarucing dimimitian
Ngajungkiring awak beurat
Waruga weweg tur kuat
Tapi anéh taya guam
Sanajan mindeng dihiap
Wanda sabar sarta pasrah
(Wanda sabar sarta pasrah)
Sok mindeng témbong di sawah
(Sok mindeng témbong di sawah)
Tandak
Aya barang weweg panjang
Tatapi pondok ngaranna
Nu di mana nya ayana
Sarta keur naon gunana
Di antara batur urang
(Di antara batur urang)
Cing sugan aya terang
(cing sugan aya nu terang)
3. Pupuh Magatru
Rancag
Coba teguh naon nu sukuna tilu
Panon opat heunteu galib
Leumpang rumanggieung laun
Estuning ku matak watir
Dongko bari aha-oho
Hulu nutug buntutna ngacung ka luhur
Buluna carentik-rintit
Matana mangpuluh-puluh
Rasa haseum semu amis
Rajeng narangtung di kebon
Aya sumur di awang-awang ngagantung
Caina hérang tur amis
Eusi daging bodas alus
Nyokotna éstu babari
Boh dicokél boh dikerok
Tandak
Sukuna pakupis tilu
Panonna opat harérang
Leumpangna semu nu lesu
Ngaléngkah teu bisa gancang
Buntutna ngancung ka langit
Buluna carentik-rintik
Matana mangpuluh-puluh
Tangginas anu rék neguh
Sumurna di awang-awang
Caina amis tur hérang
Dagingna bodas ngagenyas
Mesékna kudu dikupas
4. Pupuh Pucung
Rancag
Hayu batur urang diajar sing suhud
Ulah lalawora
Bisi engké henteu naék
Batur seuri urang sumegruk nalangsa
Naon-naon piwarangan bapa guru
Pigawé sing gancang
Omat ulah rék talangké
Piwurukna regepkeun ku saréréa
Kitu deui ka Ibu Guru nya kitu
Teu aya bédana
Tegesna sarua baé
Sabab éta anu ngawulang ka urang
Tandak
Hayu batur urang diajar sing suhud
Ulah lalawora
Bisi engké henteu naék
Batur seuri urang sumegruk nalangsa
Hirup mencil embung ngahiji jeung batur
Éta goréng pisan
Moal aya gotong royong
Mending mana réa batur jeung nyorangan
Hayu batur urang diajar sing suhud
Ulah lalawora
Bisi engké henteu naék
Batur seuri urang sumegruk nalangsa
Jalma anu hirupna teu daék campur
Kanyahona kurang
Da bongan misahkeun manéh
Mun cilaka moal aya nu nulungan
5. Pupuh Gambuh
Rancag
Tuh itu beurit lintuh
Mani rendey anakna sapuluh
Arilikan gambarna masing taliti
Anakna kabéh ngariung
Saregep hormat ka kolot
Indungna pok mitutur
Anaking kudu waspada hirup
Lamun manggih hakaneun ngagantung seungit
Omat ulah rék katipu
Sabab enggeus réa conto
Tandak
Indung beurit dikukuntit
Ku anakna nu sapuluh
Indung gerah anak bungah
Sempal guyon jeung ngaguruh
Terus jempé simpé réhé
Kabéh anak ngarariung
Bari sikep sing saregep
Ngabandungan fatwa indung
Indung beurit pok wawangsit
Anaking kudu waspada
Entong poho ku pangolo
Bisa temahna cilaka
Kadaharan jadi eupan
Ngagantung matak kabita
Lamun gawok popolohok
Raga papisah jeung nyawa